barudak wanci kiwari , kabaret

“BARUDAK WANCI KIWARI
            Hiji carios nu mertelakeun tingkahlaku barudak mangsa ayeuna anu kapangaruh ku tontonan. Ayu murangkalih pa Usman anu nembe kelas 2 SD nu jadi tokoh piconto dina iyeu carita ngalaman kahirupan saperti galibna barudak dewasa. Ngawangun duriat ka Bom-bom nu cariosna ngajak peugat dugika ngageugeuh saran ti rencangna jesika & tamara.
Sajalan namung beda carita, Rudi lanceukna Ayu ngagegeuh pangajak ti baturna nyaeta si Sadut dina iyeu carita nonton  maen bal ENCIB ANDUNG di balai kota, disasar kahayangna nu saestuna etateh pangaruh lingkungan anu ngadorong Rudi jadi resep kana maen bal. lain ngan saukur resep tapi rudi oge tuturut galibna budak ayeuna nyaeta ubrang-abring (Konvoi)  saberesna nonton.
Akhir dina iyeu carita Ayu & Rudi ngalaman nasib nu sarupa nyaeta cilaka, Yuni ibuna Ayu & Rudi nyandak uih 2 murangkalihna ti rumah sakit direncangan ku dokter. Sateacan mungkur Yuni ngarasa kawangun manah sangkan kajadian kieu heunteu aya duei kabalarea.

Pesan : “ Perluna bimbingan sadayana ngarobah tingkah barudak “.

Pemain
1.  Haji Uus                          : ......................................
2.  Ibu Yuni                          : ......................................
3.  Rudi                                 : ......................................
4.  Ayu                                  : ......................................
5.  Sadut                               : ......................................
6.  Ibu guru                          : ......................................
7.  Bom-bom                        : ......................................
8.  Jesica                               : ......................................
9.  Tamara                            : ......................................
10 .Dokter                             : ......................................
11   ..............................          : ......................................
12   ..............................          : ......................................
13   ..............................          : ......................................


Dibuat oleh
Mi'rojudin

Rudi               :
Iking Onek ama ajaaaa, asal jangan enjeeekkk.... enjekkk itu tututttt... eiiisss... keren teu.. kenalkeun yeuh... nami abdi Rudi, biasa disebut Udud. Pendukung encib andung alias iking. Caritana ayeunateh kuring rek nonton bareng pertandingan sepakbola encib andung ngalawan real magrib featuring ceribel di lapang kacamatan. Kamana si sadut jam sakieu can datang keneh.

Sadut             :
Halow browwww... sudah sakedap nunggunyah.... hahahahaha.... bagaimana sudah siap ?

Rudi               :
Uhhhh... titatadi kuring ngadagoan. Sok atuh rek ayeuna mangkat ? atawa kumaha ?

Sadut                         :
Sabar broww... saacan mangkat, urang tes yel yel na heula ... “1,,2,,3,,”
maung maung kandang maung aung aung... encib andung yeyyyy
Siiipppp laahhh...

Ayu                 :
Iyah ayah,,, ayah juga disana baik baik ya,, jangan selingkuh... bunda sayang ayah. Jangan lupa solat dan maem oke ayah, o iya hiji lagi ... bbm nya bales biar ga kerasa LDR.. dah ayah.. emmmuuuaccchhh...

Rudi               :
Telp ti saha yu ?

Ayu                 :
Ti Aa Bom-bom

Rudi               :
Saha Aa bom-bom teh ?

Ayu                 :
Ih.. kepo... mau tau ajah ... atau mau tau pissaaaaannnnnn ???

Rudi               :
Kabogoh ayu sanes ?

Ayu                 :
Lamun heueuh kunaon ? lamun heunteu kunaon ?

Rudi               :
Hor ari ayu,, hey inget ayu teh karak 8 tahun, karak kelas dua SD yuk ...

Sadut                         :
Weeeeehhhhh... gaya, budak kelas 2 SD ayeunamah bahasa ka kabogoh teh geus make ayah bunda. Cadasssss... edan pisan euyy..

Ayu                 :
Emang kunaon A ? Madrasah buatloh ?

Rudi               :
Geus..geus ! mingkinan ngaco we. Ayu... pami ibu & bapak naroskeun Aa. Wartoskeun aa ka lapang balai kota nonton encib andung kituh nya.  Hayu dut... urang berangkat.

Ayu                 :
Iihh.... naha bbm na ngelay wae, sugan pulsana seep nya ? urang cek hula coba...
“maaf pulsa anda telah tutup usia, segeralah untuk bertobat dibimbing ustad terdekat”.
Ihhhhhh.... paaannnn....  buuuuuu ibuuuuuuu......

Yuni               :
Kulaaannn bageur... eueuleuhhhh putri ibu tos dongkap geuning.... atuh pami dongkap teh uluk salam supados kaangge kengeng sakola teh.

Ayu                 :
Ah teu usum ibuuuu.... ayeunamah  ! tos teu jaman ...

Yuni               :
Horrr.... saur saha eta teh bageur ?

Ayu                 :
Saur rerencangan ...

Yuni               :
Iyeuh bageur... teu kengeng kitu ! eta teh kawajiban.. pan aya katerangana dina alqur’an yen pami dongkap kabumi teh kedah ngucapkeu asslamu alaikum.

Ayu                 :
Nyaeta teu usum ibuuuu.... da rerencangan oge pami dongkap ka bumi nateh ngucapkeun kieu
“ helloooo.... good wayah kieuuu.... maaaahhh Im hungry I want to mamam featuring teri”

Yuni               :
Astagfirullohaladzim... iyeuh bageur.... nu kitu teh awon.. teu islami !

Ayu                 :
Ibuuuu ... ayu mah alim nu islami, hoyong galib cara batur. O enya ibu mun bapak teh tong sina munggah haji.

Yuni               :
Naha bageur ?

Ayu                 :
Ayu dikaluarkeun ti geng lantaran ayu disebutan anak pa haji muhidin.

Yuni               :
Euleuh naha jadi kitu ? iyeuh dangukeun bageur ,, Haji teh eta mangrupi gelar anu dimulyakeun ku Alloh SWT. Sakeudahnamah urang teh kedah bangga gaduh bapak tiasa ngalaksanakeun ibadah haji. Atuh mudah-mudahan ayu, ibu tiasa nutur sacara bapak nyampurnakeun rukun islam anu ka lima.

Ayu                 :
Ahh pokonamah ayumah alim gaduh bapak haji. Da disebutan wae anak pa haji muhidin. Kriinggg...krinnggg... “ sms” tuh pan aya sms ti si ayah. Ibu hoyong pulsaaaaa....

Yuni               :
Ayah ? saha eta teh bageur...???

Ayu                 :
Euuu...euuu... ah pokonamah aya weh.. ibu atuh hoyong pulsaaa....

Yuni               :
Jawab heulaaa....

Ayu                 :
Nya atuh... eta teh si Aa bom-bom.. kabogoh ayu... yang paaaaaaaaaaaaaaling ayu cintai  tapi ibu tong ngambeknyaa ?

Yuni               :
Astagfirullohaladziim...  yeuh bager teu kengeng kitu, teu kengeng waka bobogohan. Ayu teh nembe 8 tahun.

Ayu                 :
Pan ayu mah alim di sebat jomlo ibuuuu...

Yuni               :
Kin oge aya waktosna, angguran mah ayeuna ayu gera eumam ! teras eta seragamna geuntos menuni kucel kitu.

Ayu                 :
Ah alim ,,, gae pami teu pasihan pulsa mah wal eumam, wal ngaos wal sakola.

Yuni               :
Nya atuh... ayenamah emam heula kin pami tos rengse emam ibu meser pulsa ka material.

Ayu                 :
Asiiikkkk.... makcih ibuuu.... hayu atuh da saleresnamah ayu teh tos lapar... heee....


H. Uus                        :
 Alhamdulillah ya Alloh,, beres oge pagawean teh. Mugia sagala kagiatan abdi janten  amal anu sae. Da lantaran iyeu teh, jang bekel ibadah.

Ibu Guru        :
Assalamualaikum

H. Uus
Waalaikum salam, mangga kaluar...

Guru
Hor... naha jadi kaluar.... kelebet panginten pak...

H Uus
Aehh... maksad teh kitu...eueleuh geuningan ibu guru dalam kurung ustadzah.
Mangga calik ibu.

Guru
Ah.. wios ngadeg we.. da teu aya korsina...

H. Uus
Aehh.. huuh ketah nya ! manawi aya kaperyogian naon atuh ibu ku asa rarewasss...

Guru
Numawi bapak abdi kadieu teh, aya nu kedah dicarioskeun perkawis neng ayu.

H. Uus
Euleuh... Kunanun sareng murang kalih abdi ibu guru dalam kurung ustadah

Guru
Kieu bapak... akhir-akhir iyeu ayu teh sering pisaaaannn ngalamun, sura seuri sorangan. Meuni hawatos pisan bapak. Da sauninga abdimah ayu teh murangkalih anu calakan, santun pokonamah pinter weh. Tapi ayeunamah duka kunaon ayenamah di pelajaran teh morosot pisan.

H. Uus
Emmm.. pami lancingan nana morosot ??

Guru
Heunteu atuh bapak... ah sibapak mah sok ngabodor wae.. ehhhhh heu heu heu....

H. Uus
Mmm kitu... eta teh kituna tiiraha ibu guru dalam kurung ustadah.

Guru
Pami katawisnamah ngawitan caket sareng rencangna anu namina jesika sareng tamara. Tapi da teu tiasa dilepatkeun anjeunamah da najan kumaha oge murangkalihmah kumaha lingkungan nana. Sugan atuh biasana pami di bumi, ayu teh kumaha bapak ?

H. Uus.
Da dibumi mah biasa we, ngarenghap , kiceup, janteungna deug deugan, sampean na jujuralitan.
Guru
ah sibapak mah sok ngabodor wae.. ehhhhh heu heu heu.... nu leureus atuh bapak.

H. Uus
Duka atuh nya da nu katawis mah, pun anak teh aya wae dibumi paling nonton radio, eh nonton TV maksadteh... ngan memang saatos abdi gaduh TV murangkalih teh asa sok resep dangdos, bahkan sakali mangsa mah abdi kantos ningali anjeuna nyarios sareng kaca kieu “limin ho jangan kau tinggalkan aku liminho”. Ah abdimah teu curiga nanaun da dikinteun teh anjeuna nuju belajar ekting.

Guru
mmmm... panteus... bapak saleresnamah sanes ayu hungkul nu kitu teh. Dimadrasah oge seueur pisan murangkalih anu sapertos kitu, ka sakola murangkalih teh lancingan diperecet-perecet, luhun ngangga peci atanapi kerudung dina leher sal kleb sepak bola. panginteun iyeu teh pangaruh tina TV. Gusti nu agung saleresnamah sok rada aral, ari ku guru mah murangkalih teh dibebenah sangkan rapih bari pami di tingali tina gajihmah teu sabaraha. Naaa ari ku TV maranehna mah di bayar mahal bari efek negatifna ngaruksak murangkalih.

H. Uus
Tah eta pisan ibu, abdi oge rumaos murangkalih teh teu patoskaperhatikeun jalaran abdi kedah fokus milari rejeki. Haturnuhun ibu guru dalamkurung ustadah kersa ngadidik murangkalih abi.

Guru
Tos kawajiban abdi bapak, nya tos atuh pami kitumah abdi permios, panuhun bapak tiasa ngabantos ngabimbing murangkalih sangkan aya dina kasaean. Abdi permios atuh Bapak

H. Uus
Euleuh ... bade ayena wae... isinnya jaba teu di suguhan

Guru
Ah wios bapak... keresekan wae... heee... hereuy bapak... mangga atuh abdi permios... Assalamualaikum.

H. Uus
Waalaikum salam.
Kamana si ibu iyeu teh,,, buuuu.... ibuuuu,,,

Yuni               :
 Kulan bapak,,, geuning bapak teh tos dongkap, punten bieu teh nuju di cai. eueleuh eta kesang meni ngaburudul kitu jiga curung cinumpang. Urang eulapnya ku ibu, sakedapnya ibu nyandak heula eulap.

H. Uus                        :
Gusti nu agung, Alhamdulillah solehah pisan bojo abdi teh, mugia anu nonton tur tos rarabi sing kengeng bojo sapertos bojo abdi. Da bangunateh ku jaman ayenamah geus jarang bahkan moal aya. Iyeu oge didramakeun soteh ngarah jadi ibroh. Beh dituna jadi kabita yen harmonis teh teu kudu ker aya duit wae.

Yuni   :
Bapak iyeu cai na sok eueut hla,

H. Uus            :
Bismillah... alhamdulillah... bu ari si rudi kamana ?

Yuni   :
Tadimah saur ayu disamper ku si sadut kitu, da saurnamah bade ningal persi kandung dibalaikota.

H. Uus            :
Hhhmmmm.... kade bu si rudi kudu tetep di pantau bisi kamalinaan.
Yuni   :
Bapak,,rudi teh da tos ageung iyeuh atuh. Tos tiasa milah mana nu sae sareng nu awon kangge anjeuna. Bapak atuh urng tuang heula yuk pasti bapak lapar. Ibu tos masak sop sendal capit sareng goreng tamaga

H. Uus
Nya Sok atuh bu,, hayu urang kadapur...

Jesica             :
Rarasaan asa sayah hungkul da nu punya HP model kieu teh !

Tamara
Emang eta hpna naun kitu ?

Jesika
BB atuh dalam kurung Blek Butut, ari nu kamuh naun ?

Tamara
Nu sayah mah NOBITA anu sadana teh kieu  ( NOKIA Arab)

Jesika
Panteusan atuhnya kaluar jin. Ehhh naha nya ari nelp ka beda operator sok mahal, kamari ngesian 50rebu, peting di eusian 10 rebu, tadi dieusian 2 leter, ayena rek di eusian 2dreum.

Tamara
Eta teh hp atawa tengki ?
Jesika

Nya hp atuh pan hp urangmah gagah.

Tamara
T. Gagah mah hewan atu badag anu aya tulalean,                  J. gajah atuh etamah
T. Gajah mah mun karyawan tanggal 10 sok menang gajah, J. Gajih atuh
T. Gajih mah paragi motong kayu atuh                                        J. cuka atuh etamah
T. Cuka mah mun lebaran                                                             J. sapatu atuh nukitumah
T. Sapatu mah paragi beas                                                            J. motor atuh etamah

Bom 2
Ehhmmm....

Jesika
Eh ada Aa bom-bom...

Bom 2
Jes .. ayu nya kemana yah ? dari tadi aku sms ga diangkat, di telp juga ga d bales.

Jesika
Ga tau ,,, tam kamu tau dimana ayu ?

Tamara
Euhh mungkin lagi bobo kali,,, kalian udah ada janji ?

Bom 2
Udah.. aku sms dia suruh kesini.


Jesika
Coba atuh kamu bbm

Bom 2
Udah kok... tapi bbm ngarelay semua

J & T
Bukan ngelay keleessss.... tapi Delay ( Diiiileeeyyy) dalam kurung belum nyampe

Bom 2
Iyah maksud aku teh gitu

Ayu
Hay .. ayah...

Bom 2
Hay bun...

Ayu
Ayah nunggunya dah lama ?

Bom 2
Ngga baru 5 jam ko.

Ayu
Aduhh maaf banget ay.. tadi ayu marab hayam dulu...

Bom 2
Iya ga pa2 ,,, bun aku mu ngomong seseuatu ma kamu.

Ayu
Iya ay... mu ngomong apa ? ayo katakan ! kamu ga usah takut, jangan ada rahasia diiantara kita !

Bom 2
Aku... aku....

Ayu
Ayo cepat katakan yaahhh... bunda sudah tidak sabar...

Bom 2
Aku tadi malam ngompol

J & T
Hahahaha... helllooooo... hari gini masih ngompol... hahahaha

Bom 2
Karena itu aku mau kita putus, soalnya aku ngompol karena mimpi dimarahin sama bapak aku ga boleh pacaran dulu.

Ayu
Wott... apahh... ga percaya

Bom 2
Iya bunnn... ga apa 2 yah ? kamu ga marah kan ?

Ayu.
Oh tuhan setega itukah dirimu padaku

J  & T
Sabar yuu.. iya sabar

Ayu
Aku ga mau putus jes , tam.

Tamara
Giniaja yu.. kamu pura2 mau bunuh diri kalo kamu diputusin

Jesika
Iya yu.. kaya di film-film itu loh, biasanya akhirnya suka ga jadi putus.. trus merkaakhirnya menikah dehhh

Ayu
Gitu yaaa.. ayah, bunda ga mau putus. Kalo kamu mau putusin bunda lebih baik bunuh diri. (sambil
pergi)

Bom 2
Bundaaaaaaa........




Jesika
Kamu ngapain sakitin temen aku ?

Bom 2
Bukan begitu jesss...

Ayu
Aaaaaaaaaaaaaaa......

Tamara
Jes ,,, sebelah situ kan sumur jangan-jangan si ayu bunuh diri beneran lagi.

Jesika
Hahhhh ... ayo kita lihat. (mereka ber 3 pun berangkat)

Yuni               :
Gusti nu agung iyeu teh asa teu geunah rarasaan, paaakkk,,, bapak,,,,

H. Uus
Aya naun bu....

Yuni
Bapak,,, ibu teh asa kutegenah rarasaan, bade aya naun nya ? moal kitu bapak nyandung ka sapatu

H. uus
Husss... teukengeng kitu ibu, nanaonan coba make nyangka ka bapak nyandung ka sapatu.
Boa ibu teh lebet angin

Yuni
Ah heunteu iyeumah beda, biasanamah perasaan ibu mah sok bisa ditangarakeun.


Sadut
Punteun ibu bapak,,,, araya teu....

H & Y
Mangga ,,, aya didieu.. kaleubeut. Hor itu si sadutkunanon lulumpatan didinya.
Aya naun sadut ?

Sadut
Pak, bu, si rudi labuh tina toronton

H & Y
Astagfirullohal adzimmmm... na kumah mimitina

Sadut
Pan sadut + rudi teh tos balik nonton treus naek toronton da galib jeng batur rea pisan, terus torontona ti jalikeuh, tah si rudi labuh ka wahangan.

H & Y
Astagfirullohal adzimmmm.....

J & T
 Assalamualaikum,,,, ibu, ayu labuh ka sumur ...

Yuni
Dimana ayeuna

J & T
Disumur ....

H & Y
Astagfirullohal adzimmmm..... naaa iyeuteh ku aya2 wae.
Ibu urus si rudi bapak ningali si ayu., tah ngke jajnjian di rumah sakit

Yuni
Muhun atuh bapak.... hayu barudak gewat sarerea.

Dokter
Taahhhh lain kali jang seperti itu yah nak, masih beruntung kalian masih di lindungi Alloh SWT.
Ayu juga ya sayang, pa dokter lihat hasil rekam medik otak kamu sangat baik sekali, itu tandanya bahwa ayu anakyang cerdas.  Sayang jika diigunakan pada hal2 yang kurang bermanfaat.
Ibu bapak , obatnya jangan lupa diminum 3x 1 hari dan jangan lupa bantu sama bapak ibu 5 x 1 hari.

H. Uus
Minum obatnya dok ?

Dokter
Bukan ,,, bantu doa setiap kali selesai solat yang 5 x 1 hari.

Yuni
O itu ... iya dok mohon doanya saja.
Yeuh bageur teu sadayana anu ku hideup ditingali dina TV eta sae, sareng heunteu sadayana anu saperti batur eta bener.Sing nyaah ka ibu bapak.
Oge ka pamiarsa ,,, iyeu kajanteunan mugia ulah terjadi ka pamiarsa. Titip sareng jaga titipan ilahi mangrupi murangkalih kalayan sa estuna. Heunteu cukup ku sa urang butuh dukungan ti sadayana sangkan murangkalih urang tiasa ngawujud janten murangkalih anu soleh solehah.
Sakitu nu kapihatur wassalamualaikum warohmatulloh wabarokatuh.

atau download disini








Previous
Next Post »
Post a Comment
Thanks for your comment